Selasa, 02 September 2014

Sasakala Ngaran Cikadu

Kacaritakeun di hiji padumukan aya sababaraha kulawarga, anu pakasabanana nyaeta ngolah sawah sareng kebon, mung aya hiji kulawarga, anu  rapekan pisan kana tatanena, ayeuna oge manehna  keur miara palawija kayaning bonteng, terong jeung nusejena. Pepelakanana aralus, tur marulus, kawantu hade piara. sareng patani teh gaduh putra hiji pameget.
Dina hiji poe patani boga maksud rek ka kebon ngala bonteng,da aya tatangga anu hayangeun bonteng, samemeh indit patani nanya ka pamajikanana pok na nyai ?  tos disadiakeun bekel akang rek ka kebon ! tembal pamajikanana parantos akang ! eta di dapur dina wawalun dibuntelkeun,da harita mah can aya keresek ! ari nyai rek milu moal ?, moal akang abi mah bade babantos ngarambet ka uwa “ tembalna deui, bari pok ngawawadian ka salakina, “ akang kahade masing iatna di jalan bilih kuma onam.
Tong salempang nyai, na teu apal kitu  kapan akang teh jago maen po, rek ala cikalongan, tepuk tilu atawa cimandena apan geus nyampak na diri akang”, tembal na. Percanten atuh kang, mangga wilujeng angkat.”
Sanggeus ngasah bedog terus nyorendang wawalun anu dieusi sangu jeung cai. Disatengahing perjalanan di hiji lengkob kadenge sora anjing jigana mah ngundag bagong. Patani lumpat nakul ka tempat bakal lumpatna eta sora anjing, patani ngajanteng bari nyepeng perah bedog dina lebah galur paranti liwatna eta bagong, teu lila eta sora beuki deukeut ka patani, patani iatna bari alak ilik bisi narajang ka manehna, bari ngamang-ngamang bedog, hiuuus angin karasa tiis kana bitisna bakat tarik lumpatna eta bagong, bedog dikadekeun beletak paeh siah ceuk patani, kuring tukang maen po tea, gerentes patani,  ari dieceskeun  bedogna kalah ngadek kana balukang garing, bedus teh  kalah keuna kana balukang sige ieu bedog teh, ari bagongna kamana atuh ceuk patani bari ngahelel handeueul, geus kitu gidig patani leumpang deui nuluykeun lalapahan rek ka kebon tea, teu kungsi lila hawar-hawar sora anjing ngagogog, patani lumpat ka tetelar bari ngeceskeun kamana lumpatna bagong pasti mapay galurna, patani iatna bisi katarajang deui, geus kitu sabot patani ngalieuk ka wetan  ari podonghol bagong datangna ti beulah kulon, lumpat ka deukeut manehna, patani ngejat nincak palapah kalapa anu baseuh keneh ku cai ibun, atuh soledat gebru we patani labuh nyuksruk, tarangna meneran kana tai munding, patani hudang nyagap tarang da asa aya nu baseuh sugan teh getih, ari diusap ditingali teh tai munding, patani lumpat neangan cai keur sibeungeut ngumbah tai munding nu aya dina tarangna, da aya liang cai deukeut kebonna, sedeng dongko rek nyiuk cai, korosak gebut aya kadu murag ninggang meneran kana tonggongna, patani nyampoyong ka tegalan bari haharegungan ngarasakeun kanyeri tonggongna katinggang kadu, sanggeus kajadian kitu,  tah ti wangkid harita eta tempat ku patani dingaranan we “ cikadu”. Euleuh waktosna seep.
Sateuacana mungkur  singgetna ieu dongeng :
  1.Janten jalmi teu kenging kabawa ku sakaba-kaba bilih kumaha onam kana hal anu teu diharepkeun;
  2. Teu kenging sentak badakeun;
  3. Dina lalampahan kudu ati-ati ngarah kapipit hasil ka ala buahna.

Hapunten anu kasuhun !  “. Wassalamu`alalikum Wr.Wb.

Tidak ada komentar: