Sabtu, 21 Februari 2015

BIANTARA

Assalamu`alaikum Wr.Wb
Fuji kalih syukur hayu urang sanggakeun ka Allah SWT. Mugia urang sadaya kenging kasinugrahan ti Allah anu murbeng Alam, oge kenging syafaatul udma ti kangjeng nabi Muhammad Saw. Jaga di yaomal zaza,. Amiin !.
Calagara kalih pamilon anu dipikacinta.
Simkuring dina danget ieu bade ngiring pasanggiri,   sembah  biantara anu  temana “ Mekarkeun Budaya Sunda “. Masyarakat sunda anu hirup kumbuh babarengan jeung seke-seler bangsa liana nu aya di lemah cai nagri Indonesia, tangtu mibanda kabeungharan budaya mungguhing kalungguhan diantawis bangsa sejen gumantung kana budaya anu mikukuh ajen inajen budaya anu geus dipibanda ku bangsa urang, ragam budaya sunda anu biasa dilakukeun ku urang sakitu seueurna, anu tumuwuh di masyarakat atanapi anu di bukukeun, salajeungna eta budaya sunda peryogi dimekarkeun deui  ku urang dina hirup kumbuh sadidintena, teu kenging kalindih ku budaya bangsa deungeun sok kantenan dugi ka tumpur mah.
Calagara kalih pamilon anu dipikacinta. !
Kumaha mekarna budaya sunda mangsa ayeuna ? ragam budaya sunda oge kabiasaan anu sok dipake kaulinan sapertos dina ucing-ucingan samemeh nangtukeun jadi ucingna sok di kawihan heula anu unina kieu “ cingciripit, tulang bajing kacapit, kacapitku bulu pare , bulu pare memencosna, jol padalang mawa wayang, jrek-jrek nong, berebet nu sejena lumpat nyumput, lamun ucingna ngokok sok dikawihan deui kunu nyumput anu kawihna “ cingkorokok bodogol cau, ucingna ngokok boolna bau, oge lamun barudak keur ulin, breg hujan, sok dikawihan anu unina kieu “ trang-trang kolentrang silondok paeh nundutan, mesat gobang kabuyutan, tisuksruk kana durukan, nyeh-nyeh prot, nyeh-nyeh prot, sirenyeh sikemprot, raat hujan. Terus upami pasosonten barudak arulin aya kalong hiber, sok dikawihan deui basana: kalongking-kalongking, bapa sia utah ngising, beak samak beak samping, teu cageur waktu sapeuting, kalongking-kalongking, bapa sia utah ngising, dibura ku madu kucing, madu kucing meunang maling.
Calagara kalih pamilon anu dipikacinta. !
Ieu kabudayaan atanapi kabiasaan kakawihan kaulinan murangkalih tos langki dilagukeun, margi kalindih ku ayana teknologi, ayeuna murangkalih seueur ngadekul dihareupeun computer bari maen games atanapi play station (PS). Janten wangkid ieu hayu urang “mekarkeun deui kakawihan kabiasaan kaulinan  murangkalih,” urang paheuyeuk-heuyeuk dayeuh ngolah budaya anu kantos mashur, manggung di pakalangan tatar sunda, supados tetep nanjung keceluk kaawun-awun kakoncara ka janapria, kalayan mibanda harkat martabat anu luhung.
Calagara kalih pamilon anu dipikacinta. !
Rupina biantara ti sim kuring sakitu anu kapihatur, hapunten anu kasuhun, hampura anu dipenta, langkung saur bahe carek, pondok nyugak panjang nyogok. Hadanalohi waiyakum ajmain…..!

Wassalamu`alaikum Wr. Wb.  

Tidak ada komentar: